Pilgub Jabar, Cagub Nyunda Vs. Tokoh Nasional

Sasih April nu bakal kasorang, urang bakal milih calon Gubernur Jawa Barat periode 2008-2013. Dina dinten2 ayeuna, urang pasti mindeng ningali iklan tilu calon Gubernur, boh nu di media massa atanapi nu mangrupa baliho di sisi jalan. Aya tilu calon gubernur, nyaeta Dani Setiawan (Gubernur Ayeuna) nu dipasangkeun sareng Iwan Sulandjana (Pangdam III siliwangi Manten), Agum Gumelar nu dipasangkeun sareng Nu’man Abdul Hakim (Wagub Ayeuna), Akhmad Heryawan nu dipasangkeun sareng Dede yusuf. Numutkeun survei mah, calon nu paling ageung potensi na nyaeta Dani-Iwan disusul ku Agum-Nu’man.

Ayeuna2 urang sadaya pasti sok ningali iklan salah sawios calon gubernur jabar dina TV nu tagline na: "Panggil Tokoh Nasional". Dina iklan kasabit teu acan disebatkeun saha calon gubernur nu dipikamaksed teh. Tapi, upami disidik-sidik mah urang sadaya pasti terang saha nu dipikamaksed "Tokoh Nasional" eta teh. Tim kampanye calon gubernur iyeu sapertos na mah hayang ngagogoreng gubernur ayeuna (nu tokoh daerah) kumargi ayeuna masih keneh aya warga jabar nu hirup di handap standar karaharjaan; makaning kedah milih calon gubernur nu tokoh nasional.

Aya deui salah sawios calon gubernur nu kagungan perhatosan nu ageung ka budaya Sunda nyaeta Bpk. Danny Setiawan (gubernur jabar ayeuna). Anjeuna tiasa disebat "nyunda pisan". Boh tina basa nu dianggo sadidinten atanapi tina tingkah polah. Anjeuna oge katingal na resep tembang sunda; kabuktoskeun ku tembang "Sauyunan" ciptaan Doel Sumbang sareng Pak Dani nu ditembangkeun ku Anjeuna nyalira. Video klip na sok aya di STV sareng Bandung TV.  Motto anjeuna teh: silih asah, silih asih, silih asuh, jeung silih wangikeun. Anjeuna oge parantos kabuktos padamelanana sawaktos janten Gubernur ayeuna . Urang sadaya kedahna tiasa ningali kamajengan-kamajengan wewengkon urang sawaktos pak Dani Janten Gubernur dugi ka ayeuna. Indeks Pembangunan (IPM) propinsi Jabar majeng tina   67,67 dina taun 2003 ka 70,3 dina taun 2006. Investasi oge majeng tina Rp. 36,53 trilyun dina taun 2003 ka Rp. 75,64 trilyun dina taun 2007. Eta teh mangrupa buktos ti Pak Danny. Pangwangunan di wewengkon urang oge katingal lancar sawaktos anjeuna janten Gubernur.

Saupami na abdi ditaros hayang milih saha dina PilGub ayeuna, abdi mah milih nu tos kabuktos sareng ageung perhatosanana ka budaya sunda nu janten budaya urang sadayana. Nanaonan atuh milih calon gubernur nu tokoh nasional tapi teu acan tangtos terang kaayaan propinsi Jabar saleresna.

Leave a Reply