Buka Puasa Bersama Barudak TIm BAR
Monday, October 8th, 2007DInten Senen ping 8 Kamari barudak tim Bandung Association Touring (tim BAR) ngalaksanakeun acara buka puasa bersama di Punclut. Nu ngirngan teh Abdi, Ulil, Abah heyng si Ambu na, Botan-X, Njonx, Hari, Boya, Teja, Bango, Beonx, Cmoel, Kafhfi "Ki Demang", Pohanx, pemong, Deden. Si Mbah ceunah bade nyusul tapi teu cios. Kempel di bengkel kedahna mah tabuh 3 tapi nya biasa we pamungkesna mah tabuh satengah 5 nembe kararempel.
Tabuh 5 angkat ti bengkel, teras ngalangkungan jalan Gatot Subroto, Laswi, Riau, Dago, siliwangi, ciumbuleuit teras dugi ka Punclut. Barudak mah dugi ka punclut teh 15 menit sateuacan buka teras lebet ka salah sahiji warung nu aya diditu, ngan sim kuring sareng si Botan mah dugi ka puclut 5 menit saparantos bedug maghrib kumargi kahalangan ku truck molen (mixed truck) di jalan laswi. jabaning jalana na oge rada benten. Kuring mah ngalangkungan jalan Cipaganti, da katinggaleun tea..
TOs Dugi di Punclut langsung sim kuring langsung we gabung sareng barudak. Sim kuring langsung tuang sareng sangu bereum, hayam, tahu, tempe jeung lalapan. Kuat ku tiris jigana mah, Kuring nambih sangu dugi ka 2 kali.. Teras pamungkes na sim kuring ngaleeut jus sirsak.. Puas euy patuangeun teh… Tos tararuang, kuring sareng barudak ngobrol2, sagala perkawis we diobrolkeun teh..
Tabuh 7 langkung 20 kuring sareng barudak wangsul ti punclut. Aya rencana bade ngalangkungan jalan Lembang, ngan si Abah jeung si ulil bensin motor na kirang, jadi we jalan Ciumbuleuit. Pas di jalan bade uih mah teu sasarengan. Si njonx ngalangkungan Cihapelas, Kuring, si ulil, hari, Boya ngalangkungan Dipati ukur teras ka Supratman. Ari si Bango jeung si Teja mah ngalangkung jalan Dago teras ka merdeka.
Sum kuriong, ulil sareng si Botan dugi di bengkel deui jam 8. Diditu kuring ngobrol sareng si Botan, si njonx, Si Bango jeung si Abah.. Ari nu sanes mah sapertos na henteu ka bengkel deui. Da diantosan dugi ka tabuh 9 teu aya nu darongkap deui di Bengkel teh.. Tabuh 9 kirang 5 si kuring wangsul ka Bumi kumargi tos teu kiat hayang hees… Pokona mah Buka puasa sareng Barudak BAR mah dijamin rame pisaan….