Touring ka Lembang
Saturday, March 31st, 2007Dinten Rebo kamari Abdi sareng brudak tim BAR ameng ka lembang. Ngwitana mah abdi mulih ti kampus nongkrong di Basecamp, teras si Abah sareng si Boss ngajakan ameng ka lembang. Aya kana 6 motor nu ngiringan. Angkat ti basecmp tim BAR tabuh 3 langkung 15 sonten. Tapi na jalan kaditu na sanes jalan nu biasa ngalangkung setiabudi, kamari mah nglangkung na ka dago bengkok nu jalan na seseur tanjakan jbaning lebarna alit deui. DI perjalanan motor Abdi alhamdulillh henteu aya masalah, temperaturna oge normal2 bae. Da biasana mah Honda NSR abdi upmi ngalangkung tanjakan rada panjang sok overheat mesin na sanjan blower radiator na hurung. Tabuh 4 dugi ka lembang langsung we ngopi sareng ngobrol ngaler-ngidul sareng barudak. Pas tabuh 5 na abdi mulih ti payun kumrgi abdi harita aya jadwal jagi di pnp net. Pas mulih mah abdi ngalangkungan jalan nu "normal", nyaeta ngalangkungan Setiabudi teras ka Cimbuleuit. Dugi ka bumi abdi lngsung ibak teras tuang, salajengna abdi teras ngjajalankeun tugas di pnp net.