Mighty Mick Doohan Numpak YAmaha
Harita pan abdi ngobrol sareng yayank abdi.. Saur Abdi; "Yank.. Upami NSR abdi diical, ayang hoyong na gentos sareng motor naon?". Si Ayank teh nyarios’ "Naha make diical.. da tos sae ngangge NSR.. mun si NSR diical mah abdi hoyong Kawasaki Ninja-RR.. SAur Abdi teh, "Ninja-RR mah awis pisan. teu kagaleuh ku Abdi". Saur Ayank abdi teh,"Jupiter-MX oge alus". saur abdi,"Piraku atuh nganggo jupiter.. eta pan Yamaha.. ma enya akang Michael Doohan numpak Yamaha.. teu luyu sareng helm abdi atuh.. Helm abdi pan grafis na sami sareng helm Mick Doohan basa janten juara dunia nu ka opat kalina di pamungkes tahun 97. SAur si ayank teh," Nya atuh saur abdi oge sae nganggo NSR."
Abdi janten emut basa tahun 95, nuju abdi alit.. NSR 150-R teh basa eta janten motor nu pang hebat na di Indonesia… Eta motor teh nyaeta pan replika tina motor NSR500 na Mick Doohan nu pang tarik na di GP500 kapungkur… Ti taon 94 dugi taon 98, mick Doohan teras janten juara dina GP500.. makaning julukanana oge pan "Sang MAestro GP" nu dugi ayeuna teu acan aya nu tiasa ngalangkungan. Valentino Rossi juara dunia 5 kali, mung teu numpak NSR.. Pokona mah, Joki NSR paling eduun mah akaNg DOohan hungkul…