Honda NSR Kuring Cageur Euy…

Kamari-kamari NSR kuring pan rada teu damang. Radiator Bocor, Laher Komsteer Reksak, Wire Hareness sareng RC-Valve Pareum. Alhamdullilah, Ayeuna mah parantos jag-jag deui. Kamari ku abdi dilebetkeun ka bengkel. Perkawis wire HAreness, Saur Mekanik teh, Iyeu mah aya kabel nu pegat kuamrgi teu ngangge sekering. Di lereskeun weh kabel2 na sareng dipasangan sekering ambeh teu aya korsluiting deui. Sykur ka Pangeran, Akhirna Kelistrikana hirup deui. Rc-Valve na oge Alhamdullilah Jag-jag deui. Kabayang kuring mun kedah ngagaleuh Chip sareng motor-servo Rc-Valve enggal. Pangaos Chip na oge nu kode spare part na 32100-KW6-860 nyaeta 1,8 juta, teu acan motor-servo na 1,5 juta; jaba kedah Indent deui, da eta onderdil deh dijieun ku Honda Thailand, sanes ku AHM.  Laher Komsteer oge parantos digentos ku kuring ngannggo laher konsteer GL-Pro Neotech, da sami ukuranana mah. Radiator oge ALhamdullilah tiasa di Lereskeun. Waragad na mirah deui man 30 rebu rupiah. Kawit na ku kuring bade digaleuh nu enggal. Mun parantos ditaros ka Honda pusat, eta onderdil nu kode na 19110-KW6-920 kedah Indent ka Honda Thailand, jaba pangaosna oge awis deui, 500 rebu. Janten horoream Kuring, Ma enya kedah ngantosan dugi ka 2 bulan bari teu tiasa dianggo tebih eta motor. Makaning ngukut NSR mah lieur.. Onderdil na kedah mesen ka Thailand, da iyeu motor di jieun ku Urang Thailand atuh..   

One Response to “Honda NSR Kuring Cageur Euy…”

  1. toim Says:

    kang nsr na nsr rc ?
    taun 2006 ?
    waduh sami pisan eta panyakit , kitu siga motor nu akang .
    hotong terang kang upami malarian spare part na dimananya ?
    meni rada hese pisan .
    akang ngalereskeuna dimana ?
    di bengkel mana ?
    kang puntenya dbls ka email abdi , di antos pisan .
    ka toimpusink@yahoo.com
    nuhun sateacana

Leave a Reply